Jasa Indung
Meuli kadu ka Palasah
Keur ngupahan anu pundung
Mun hirup hayang barokah
Kudu inget jasa indung
Aya manuk luhur saung
Saban poe disada na
Anu geus rido ngakandung
Salapan bulan lilana
Neundeun lauk dina wadah
Keur dipasak ku kang Musa
Nu ngarawat unggal wayah
Kurang sare teu dirasa
Buah ngora ti bi Eutik
Sakilo na ukur lima
Beurang peuting nu ngadidik
Sangkan hidep jadi jalma
#Selamat Hari Ibu !!
Ramdhan Hamdhani
Subang Jawa Barat
0 Komentar